Rep poék jomantara kidul
Héab hawa panganteur
Nyaliksik raga anu capé
Nyukcruk jalan mulang
Nanjak mudun anu kasorang
Peupeus bengkeutan langit
Méga cedeum buyar ngabodasan
Ti tungtung kalér nepi tungtung wétan
Belah kidul sakocépat robah
Nguntuy lumpat maseuhan
alam
No comments:
Post a Comment