ANGIN KIDUL ID

Mapag sagara basa anu jembar ti palemburan Cianjur

Banner IDwebhost

Thursday, February 02, 2017

Papajar ka Pangandaran


Kacaritakeun si Riki jeung adi misana si Onong hayang ulin ka laut alatan panasaran jeung kabita kubabaturanna saban di sakola nu dicaritakeun téh pangalaman di laut ti mimiti ngojay, tumpak parahu nepika oleh-oleh khasna.
Kaparengan amangna Abah Reto rék kapangandaran jeung Ambu Ratu jeung dua anakna. Ku sabab si onong apét ka amangna, Abah Reto saengges ngarenge carita ti si Raka budak panggedena Abah Reto, atuh langsungwe si Onong bebeja ka amangna poknateh, ."mang saurna bade ka Pangandaran, kenaé teu Onong ngiring?"
enya amang rék ka Pangandaran ti taun kamari si Riki adina si Raka hayang papajar cenah karak katedunan ayena", cék Abah Reto ngajelaskeun bari neruskeun caritaanna, "hégaé badé ngiring mah ngan wawartos heula ka Abi jeung Umi Onong".
Iraha mang berangkatna?
Ke Jumat peuting, bari tuluh Abah Reto indit rék ngajar ka sakola.
Nepika poéna indit ka Pangandaran si Onong geus ngaganong tas lengkep jeung sangu timel bareng baju salin tuluy wé si Onong muru ka imah amangna nu teu pati jauh ti imahna. Barang nepika di ten amangna, Abah Reto geus nunguan di tepas harep jeung Ambu Ratu oge budakna Raka jeung Riki. Tuluywe Abah nyarita ka si Onong, "tos bébéja ka si Abi jeung si Umi? Diizinan teu?"
Atos mang diizinan deuih.
"Hayu atuh urang indit yena", jawab Si Abah bari tuluy ngagidik ka jalan gedé jeung keluarga oge si Onong. Di sisi jalan supir jeung mobil rentalan geus nunguan teu lila sararéa naék.
Saenggeus lila diperjalanan akhir nepi oge mobil ka pantai Pangandaran kira-kira jam lima subuh. Si Onong tuluywé di geuingken ku si Raka bari ngoyag-ngoyag taktakna dibarengan ku nyarita," Nong geura hudang geus nepi di pangandaran teh". Bari semu lulungu si Onong hudang tuluy manéhna muru ka cai jang wudlu da acan shatan subh sabérésna shalat si Onong gancang-gancang ka tempat Abah Reto jeung keluargana nunguan tuluy wéh nepikeun kahayang nyaéta hayang ningali matahari terbit.Saengges ningali meletekna panon poe tuluy Abah Reto sararéa muru ka gazébo rék murak timel nu dibarengan ku samel tomat nu medok, balado tempe teu hilap daun sampeu menang ngulub.
Tidina tuluy Si Raka, Riki oge Onong nyobaan ngojay, naek parahu, ngorék pasir laut ah pokonamah saban ka ulinan dicobaan. Saengges maranéhna capé tuluy muru ka Gazébo tempat Abah Reto jeung Ambu Ratu merhatikeun barudak tikajauhan.

No comments: