ANGIN KIDUL ID

Mapag sagara basa anu jembar ti palemburan Cianjur

Banner IDwebhost

Wednesday, September 12, 2018

Kameumeut Ati


A. Yasir

Nguntuykeun rasa asih
Nyéréd muka panto haté
Lénglang taya nu nghalang
Tepung Soré tepung isuk
Hiji, dua, tilu tuluy nambah
Éta rasa, rasa asih
Pangonci haté pangwengku jiwa

Medar rasa anu rosa
Mecut raga teu kakira
Jajantung ratug nyilep lelemutan
Buyar teu puguh rasa
Rasa asih anu pohara
Diaping dina talaga nu Maha Kawasa
Mapag takdir

Takdir Ilahi Robbi


Slagombong, 08 Februari 2017

No comments: